Cerita Lucu Sunda Barakatak


Cerita lucu sunda barakatak


Bupati : "Lurah, ari mushola di desa lurah aya sabaraha ?"
Lurah : "Lis, mushola di urang aya sabaraha lis?"
Ulis : "Lima pa lurah"
Lurah : "Lima pa bupati"
Bupati : "Lurah, ari madrasah aya sabaraha?"
Lurah : "Lis, lis, ari madrasah aya sabaraha?"
Ulis : "Aya dua pa lurah"
Lurah : "Aya dua pa bupati"
Bupati (rada ambek) : "Na ari lurah, ditanya teh bet nanya deui ka si ulis, naha teu apal jumlah masjid-masjid acan. Cing ayeuna kuring rek nanya deui, ari ngaran ki lurah saha?"
Lurah : "Lis..lis..ari ngaran bapa saha?

Cerita Lucu Sunda Pendek

cerita lucu banget


Cerita Lucu Sunda Pendek


Hiji poe,aya jelema ginding kukulintengan di lembur.
Cenah keur neangan nu hayang maen sinetron,rek dijieun pemeran utama.
Tangtu bae pada hayang,loba pisan anu daptar.
Basa geus karumpul di garduh,eta jelema teh cacarita.
"Hatur nuhun kana kasanggem saderek.

Kaleresan,simkuring bade ngadamel sinetron flora dan fauna.
Tah,ayeuna teh peryogi kanggo merankeun sakadang monyet,margi setok di kebon binatang parantos seep!"

Cerita Lucu Si Kabayan

cerita lucu sunda


Cerita Lucu Si Kabayan Ngambil Nangka

Si Kabayan di suruh mengambil nangka oleh mertuanaya. “Yang tua ngambil nangkanya yah, Kabayan!” kata mertuanya.

Pergilah si Kabayan ke kebun dengan membawa golok untuk mengambil nangka. Setelah sampai di kebun, si Kabayan tengak-tengok kanan-kiri mencari buah nangka yang besar. Akhirnya ia menemukan nangka yang sudah tua dan besar sekali. Diambillah buah nangka tersebut, setelah diangkat beratnya ngga ketulungan.

Wah ngga bakalan ke angkat nih buah nangkanya,” Pikir si Kabayan.
Akhirnya si Kabayan menghanyutkan buah nangka tersebut ke sungai. Hei.. nangka, kamu pulang duluan yah!” Kata si Kabayan kepada buah nangka.
Setelah sampai dirumah, si Kabayan ditanya oleh mertuanya.
“Kabayan, dapat ngga buah nangkanya?”
“Ya dapat lah, sudah tua besar lagi buahnya.” Kata si Kabayan.
“Sekarang mana atuh buah nangkanya?” mertuanya bertanya.
“Aih, belum datang yah? Kan tadi teh di hanyutkan ke sungai, disuruh pulang duluan”, kata si Kabayan.
Ari kamu teh jadi orang bodo pisan Kabayan. Masa ada buah nangka bisa pulang sendirian!” Mertua si Kabayan jadi sewot dibuatnya.
Wah, yang bodo mah buah nangkanya atuh, sudah tua ngga tahu jalan pulang,” Kata si Kabayan sambil ngeloyor pergi.

Cerita Lucu Sunda

cerita lucu banget


Cerita Lucu Sunda


Malem mggu s adul ngamuk hayang
kawasaki Ninja
Adul : pokona adul teu hayang apal,,
isukan kudu aya kawasak ninja ma,,
bongan neng Rina dibonceng wae
kunu make kawasaki Ninja
Icih : mangga bageur ejing dipserkeun
ku ema,, hayang sabaraha hiji??? 3 we
nya,, hayang warna naon??
Adul : nya ma cekap 3 ge! Warna hejo,
beureum srg Hideung we ma,
Icih : sipppp pokona mah
Poe isukna
Adul : maa,, mana Kawasaki Ninja
adul?? Tos meser can???
Icih : ntos ath kasep,, meser 3 tadi
isuk2 nu warna hideung, beureum
jeung hejo
Adul : Horeeeeeeee,,, mana ma??
Icih : tuuuuhhh,, (nunjuk kana korsi)
Adul : emaaaaaaaaaa (ngagoak) adul
mah hoyong motor Kawasaki Ninja
sanes Kawoskaki gambar Ninja (leweh
awong2an bari kokosehan)


Cerita Lucu Sunda Singkat

Cerita Lucu Sunda Singkat


Cerita Lucu Sunda Singkat


Sule : naon magsudna eta tadi tukang pariksa tiket ϑî hareup stadion, polontong pisan euy.. (Ambeuk kapegung)
Andre : emang kunaon dul..
Sule : eta tadi, maenya urang meli tiket samahal mahal ayeuna di soek soek sangenahna kumanehna..
Andre : *# (bari nepak tarang)

Cerita Lucu Si kabayan Bahasa Sunda



Cerita Lucu Si kabayan Bahasa Sunda


Si Kabayan teh kandulan pisan. Ari kandulan teh jahe alias jago he-es (beuki sare). Teu kaop nyangkere atawa nyarande sok ker wae kerek.

Sakali mangsa si Kabayan teh dicukur. Dicukurna handapeun tangkal gede di sisi jalan Supratman. Ari tukang cukur teh ruruntuk dalang. Tadina hayang jadi dalang tapi teu kataekan. Kalah jadi tukang cukur. Teu wudu payu nyukurna teh da eta ari nyukur sok bari ngadalang.

Si Kabayan tibarang gek diuk dina korsi panyukuran geus lelenggutan wae nundutan. Saperti biasa tukang cukur teh ari ceg kana gunting jeung sisir tuluy wae ngabuih… Ngadalang. Pokna teh, “Tah kacaturkeun di nagara Alengka, rajana jenengan Dasamuka. Ari dasa hartina sapuluh. Ari muka eta hartosna beungeut atanapi raray… “

Si Kabayan nu keur ngalenggut ngarasa kaganggu kunu keur ngadalang, bari heuay si Kabayan nyarita, “Pondokeun wae Mang…”

Trek-trek tukang cukur teh ngaguntingan buuk si kabayan bari pok deui, ”Ari geus kitu… eta Dasamuka teh bogoh ka Dewi Sinta, geureuhna Sri Rama… ”

“Pondokeun wae Mang…”ceuk si Kabayan nyaritana selang seling antara inget jeung heunteu bakating ku tunduh.

Teu lila reup deui sare. Lilir sakeudeung, tukang cukur teh keur ngadongeng keneh, ”Urang tunda Dewi Sinta nu keur di Alengka, sabab dipaling ku Rahwana…. caturkeun sri Rama….” si Kabayan asa kaganggu sarena terus nyarita bari lulungu, “Pondokeun Mang….”

Terus reup deui peureum. Trek..trek tukang cukur ngaguntingan buuk si Kabayan bari nuluykeun ngadongengna. Ari tiap si kabayan lilir, tukang cukur teh keur ngabuih keneh wae ngadalang. Tapi ari leungeunna mah tetep teu eureun-eureun ngaguntingan buuk si Kabayan. Si Kabayan keuheuleun pisan sabab sarena kaganggu ku sora tukang cukur, nu sakapeung sok ngagerem nurutan sora buta atawa ngajerit nurutan sora Dewi Sinta basa dipaling ku Rahwana. Antukna si Kabayan ngambek ka tukang cukur bari nyarita ”Ceuk aing ge pondokeun…pondokeun…” tukang cukur nembalan “Dipondokeun kumaha ieu geus lenang kieu..” ari ret si Kabayan kana eunteung enya wae sirahna geus gundul teu salembar-lembar acan, puguh wae si Kabayan teh ambek, “Nu dipondokeun teh dongeng maneh lain lain buuk aing…” si Kabayan morongos.

Tukang cukur nembalan bari nyentak, “Bongan sorangan, naha atuh sare wae batur digawe teh, lain nuhun diembohan ku dongeng teh…”

Ngan hing wae si Kabayan teh ceurik bakating ku handeueuleun jaba ari balik ku barudak dipoyokan bari di abring-abring “…penjol….penjol….”[]