Cék Ninina, “Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisan gawé sia
mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.”
Cék Si Kabayan, “Ka mana ngalana?”
Cék ninina, “Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang ngagaru geura.
Léos
Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katémbong
tututna loba, lantaran caina hérang, jadi katémbong kabéh. Tututna
pating golétak. Tapi barang diteges-teges ku Si Kabayan katémbong
kalangkang langit dina cai. Manéhna ngarasa lewang neuleu sawah sakitu
jerona. Padahal mah teu aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero sotéh
kalangkang langit. Cék Si Kabayan dina jero pikirna, “Ambu-ambu, ieu
sawah jero kabina-bina caina. Kumaha dialana éta tutut téh? Lamun nepi
ka teu beunang, aing éra teuing ku Nini. Tapi éta tutut téh sok dialaan
ku jalma. Ah, dék dileugeutan baé ku aing.”
Geus kitu mah Si
Kabayan léos ngala leugeut. Barang geus meunang, dibeulitkeun kana
nyéré, dijejeran ku awi panjang, sabab pikirna dék ti kajauhan baé ngala
tutuna moal deukeut-deukeut sieun tikecebur. Si Kabayan ngadekul,
ngaleugeutan tutut méh sapoé jeput, tapi teu aya beubeunanganana, ngan
ukur hiji dua baé. Kitu ogé lain beunang ku leugeut, beunang sotéh
lantaran ku kabeneran baé. Tutut keur calangap, talapokna katapelan ku
leugeut tuluy nyakop jadi beunang. Lamun teu kitu mah luput moal
beubeunangan pisan, sabab ari di jero cai mah éta leugeut téh teu
daékeun napel, komo deui tutut mah da aya leuleueuran. Di imah ku ninina
didagoan, geus ngala salam, séréh jeung konéng keur ngasakan tutut.
Lantaran ambleng baé, tuluy disusul ku ninina ka sawah. Kasampak Si
Kabayan keur ngaleugeutan tutut.
Cék ninina, “Na Kabayan, ngala tutut dileugeutan?”
Cék Si Kabayan, “Kumaha da sieun tikecebur, deuleu tuh sakitu jerona nepi ka katémbong langit.”
Ninina keuheuleun. Si Kabayan disuntrungkeun brus ancrub ka sawah.
Cék Si Kabayan, “Heheh él da déét.”